Ngamekarkeun Carita Lisan keur Guru di Cihanyir
Bangsa Indonesia nu heterogen beunghar ku sarwa agaman budaya daerah, di
antarana, mitos, sasakala, jeung sarua ti eta. Carita-carita rahayat eta teh
umumna diwariskeun sacara turun tumurun ti karuhunna. Warisan tradisi
teh dicaritakeun deui dina wangun lisan alatan pabeja-beja, ku
kituna Dananjaya (1994:5) ngagolongkeun carita rayat
kana wangun sastra lisan.
Rupa-rupa carita rayat di tiap-tiap daerah umumna dipiara jeung
dipusti-pusti ajen inajenna, malah sok dijadikeun barang sakral (suci). Hal ieu
ngabalukarkeun ayana hiji anggapan atawa kayakinan nu nguatkeun kana
nilai-nlai ritual dina eusi caritana nu maksudana keur karukunan jeung
katengtreman kahirupan masyarakatna.
Carita-carita rayat atawa lisan nu hirup tur euyeub di sasabaraha daerah
padesaan teh nyatana loba keneh nu can kaguar, malah mungkin wae aya
carita-carita nu ampir leungit alatan sababaraha alesan, tapi nuleuwih gede mah
pangaruh budaya moderen. Ku kituna, upaya ngamumule carita-carita
rayat diperlukeun pisan keur budaya bangsa. Salah sahijina dijieun
materi ajar di sakola-sakola. Geus rea carita-carita rayat nu didokumentasikeun
dina bentuk buku atawa bacaan, malah dijadikeun salah sahiji media
pembelajaran. Kumaha nu can dibukukeun? Tangtu hal ieu merlukeun kretivitas
guru keur ngarangsang imajinasi siswa oge ngumpulkeun carita-carita nu aya
disabudeureun siswa leuwih alus upama neangan carita nu aya di wewengkon desa
tempat cicing guru jeung siswa.
Sakumaha nu kacatet dina kurikulum 2004 jeung KTSP nu
nyebutkeun yen bahan pangajaran kasusastraan (sastra lisan/klasik) kudu mere
daya apresiatif jeung kreatif para siswa. Hartina, dina kagiatan apresiasi sastra kudu aya tarekah guru pikeun ngalatih nyeukeutan
sasa, nalar, imajinasi, jeung kapekaan siswa kana pasualan-pasualan sosial
masarakat, budaya jeung lingkungan hirup kumbuhna siswa. Ku kituna supaya
leuwih paham jeung leuwih neuleuman karya sastra, para siswa
diharepkeun bisa maca atawa ngalaman langsung karya sastra. Ku kituna, guru ditungtut miboga kamampuh nepikeun jeung
ngamekarkeun bahan ajar sastra nu geus aya
jeung ngaraketkeun kana lingkungan siswa.
Sababaraha
hahalang guru dina ngajarkeun materi sastra boh ditingkat SD, SMP,
atawa SMA, di antarana katerbatasanana bahan ajar, kaparigelan ngajar nu
dipiboga, atawa ku sabab kurangna pangaweruh dina milih bahan bacaan
atawa materi kesusastraan. Upama diregepkeun carita-carita rakyat/klasik atawa
nu dipiwanoh ku masarakat mangrupa dongeng-dongeng nu aya di daerah
sabudeureunana bisa dijadikeun bahan ajar malah bakal leuwih unggul batan
carita-carita nu ti luar derah (luar Sunda) nu geus aya.
Salah
sahiji carita nu bisa dijadikeun bahan ajar keur wewengkon kabupaten Bandung
nyaeta carita ti Cihanyir diantarana ”Asal-usul Cihanyir”
, ”Sayang Asem”, carita ”Euis Kawung” jeung ”Sembah Dalem Pangudar”.
Carita
ti Cihanyir nu aya di wewengkon desa Cihanyir Kacamatan Cikancung
Kabupaten Bandung nepi ka kiwari miboga daya tarik keur ditalungtik.
Tradisi lisan atawa dongeng masarakat Cihanyir memang can di
talungtik leuwih jero kacuali ”Sembah Dalem Pangudar” nu pernah
sababarahakali di jieun panalungtikan nu keur nyarieun skripsi. Carita
asal-usul, dedemit(aheng) atawa dongeng ti Cihanyir mibanda carita
sorangan. Kandungan caritana aya kaitanana jeung
karagaman masyarakat Sunda dina ngalakonan hirup jeung nyebarna agama Islam di
Cihanyir. Kukituna, perlu pisan keur guru-guru di wewengkon Cihanyir ngayakeun
panalungtikan kana carita-carita nu disebutkeun di luhur pikeun
kamekaran basa Sunda di derahna jeung ngawanohkeun carita nu leuwih deukeut
jeung kaayaan siswa. Salain kitu tangtu masyarakat Cihanyir tarutama siswa SD, SMP, jeung SMA
moal ”poekeun obor” malah milu aub dina ngamumule basa
jeung budaya Sunda.Carita-carita atawa dongeng-dongeng ti Cihanyir tangtu
mangrupakeun kakayaan leanguge oral di Jawa Barat nu perlu dilestarikeun.
Baheula samemeh pareum, carita lisan, carita
rakyat, wawacan, boh pantun leuwih ditujukeun kana fungsi
hiburan nu ngutamakeun carita kasakten ditambahan unsur-unsur carita
dumasar dongeng-dongeng karajaan, jin-jin jeung para kasatria maksudna keur ngeusi
waktu luang dina masa-masa susah jeung senang nupinuh kumangrupa-rupa ujian.
Sanajan loba oge carita nu fungsina keur upacara-upacara kaagamaan. Ayeuna,
carita lisan upama seug digarapna leuwih apik mungkin wae bisa makna carita
atawa eusi carita bisa dijadikeun conto keur siswa nu bakal
nyinghareupan masa dewasana.
Carita ti Cihanyir lain ngansaukur mibanda daya tarik dina
eusi carita atawa temana (unsur intrinsik) jeung unsur ekstrinsikna nu saluyu
jeung materi ajar SD nepi ka SMA wungkul, tapi dumasar patali jeung pamaliharaan
budaya daerah. Ku miara budaya daerah diharepkeun siswa SD tepi ka SMA salain
wawuh kana budaya sorangan oge timbulna kasadaran historis di kalangan siswa nu
kabenaran boga agenda masa depan.
Orientasi budaya gancang pisan ngarubah cara pandang masyarakat, nu serba
instan jeung cepat saji, ngalemahkeun kasanggupan masyarakat
kana sagala nu dianggap lambat, statis, kuno jeung
klasik. Henteu bisa dipungkir, cara pandang ieu gancang pisan
mangaruhan rumaja atawa tepatna siswa – siswa . Hal ieu lain di kota-kota gede
wungkul saperti Bandung jeung Jakarta tapi bisa jadi geus nepi ka daerah-daerah
seperti Cihanyir. Ku kituna, leuwih gancang leuwih alus upama orientasi
budaya rumaja nu instan eta dibarengan ku usaha para guru
ngamekarkeun jeung ngamumule basa jeung budaya Sunda ku jalaran ngaguar deui
carita-carita nu aya di wewengkon Cihanyir. Nngamekarkeun budaya daerah nu
dianggap statis jeung klasikteh moal lila deui bakal karasa manfaatna dina
waktu moal lila. Cag!
Cicalengka,
2010
Agus
Sopandi, guru Basa Indonesia
MA-MTs
Al-Ikhlas Cicalengka
Aktif
di Bale Sastra Cicalengka