Minggu, 19 Februari 2012

OMOH


Omoh

Omoh lumpat sataker kebek. Tibabaranting neumbragan eurih di sisi jalan.  Tangkal saliara nojosan kulitna nu beresih. Cucuk ranceb dina awakna. Sora bedil dor dar mareng jeung sora nu ting jorowok.  Ku Omoh katinggali salakina nuturkeun lumpat tarik naker ka palebah  manehna.

            ”Omoh lumpat, lumpat. Montong luak lieuk.” Dor, sora bedil deukeut pisan. Omoh lumpat beuki tarik. Poho ka salaki nu nuturkeun nu nitah lumpat.

            Omoh ngan bisa ceurik. Ngadenge salakina roboh ku pelor. Mayitna nepi ka poe ayeuna can kapanggih. Tilu bulan saprak anyar kawin salakina hanteu euweuh dikieuna. Puguh ka itung anyar panganten teuteup deudeuh karasa keneh. Nu jadi partanyaanana naon sababna salakina bet ditandasa, dipaehan? Nepi ka ayeuna teu kaharti ku jalan pikiran Omoh. Dosa naon nu karandapan ku aing jeung salaki bet jadi sasaran katelengesan DI/TII.

            Bi Omoh  inget keneh ka imah indungna nu beak ku seuneu alatan di duruk. Mayit indungna pasolengkrah jeung adina. Getih ngeuyeumbeu diluhureun balong sawareh kabawa palid kana kamalir. Cihanyir jadi naraka pedah teu mere kadaharan pikeun nu ngatasnamakeun para pajuang kamerdekaan pasundan. Omoh weleh teu ngarti  Naha bet loba nu dipaehan, naha bet ngaduruk imah?

            Ti harita Omoh yakin, katelengesan nu baruntak leuwih nimbulkeun kasangsaraan rahayat  Cihanyir. Apan Mas Karto teh hiji pajuang nu ngabela rayat jeung nagara.Keur ngabebaskeun rayat tina katelengesan bangsa batur, tapi kunaon salakina jeung kaluargana nu jadi korban.  Ras ka dinya, Omoh ngan bati kekerot. Leungeun tipepereket. Hatena ngageder. Jajantungna jiga nu hayang luncat.

 Halayirna getih waktu harita jadi patekadan masyarakatna keur ngarubah ngaran kampung tina Mekarlaksana jadi Cihanyir. Omoh yakin, ku rubahna ngaran kampungna bisa ngaleungitkeun trauma.

”Nini, tos tuang?”

Korejat Omoh hudang tina lamunanana. Terus ngareret kana datangna sora. Serengeh seuri ka incuna nu tadi nanya. ”Teu acan, ucu, yap atuh kadieu.” Teu talangke cat budak awewe naek ka golodog. Sup budak aweweteh asup.

”Euleuh-euleuh, kunaon atuh Niniteh bet nagis?”

”Kutan,  Niniteh ceurik?”

”Kunaon, Niniteh?” Ceuk budak awewe. ”Punten atuh,Ni, Euis rada telat.”

”Teu sawios ucu. Ninimah teu nanaon, ngan...” teu dituluykeun.

”Ngan, naon Ni?”

Eweuh jawaban. Leungeun Bi Omoh ngusapan beungeut budak mapay kana buukna. Incuna, weleh teu kngarti. Tapi aya nu nyaliara kana angen tuluy rasa. Incuna cicing ngahephep dina tangkeupan Bi Omoh. ”Sagede kieu, aing kawin, sakegede kieu aing tumarima kana papasten.” Gerentes Omoh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar