Minggu, 19 Februari 2012

Ngamekarkeun Carita Lisan keur Guru di Cihanyir


Ngamekarkeun Carita Lisan keur Guru di Cihanyir

Bangsa Indonesia nu heterogen beunghar ku sarwa agaman budaya daerah, di antarana, mitos, sasakala, jeung sarua ti eta. Carita-carita rahayat eta teh umumna diwariskeun sacara turun tumurun ti karuhunna. Warisan tradisi teh  dicaritakeun deui dina wangun lisan alatan pabeja-bejaku kituna  Dananjaya (1994:5) ngagolongkeun carita rayat kana wangun sastra lisan.

Rupa-rupa carita rayat di tiap-tiap daerah umumna dipiara jeung dipusti-pusti ajen inajenna, malah sok dijadikeun barang sakral (suci). Hal ieu ngabalukarkeun ayana hiji anggapan atawa  kayakinan nu nguatkeun kana nilai-nlai ritual dina eusi caritana nu maksudana keur karukunan jeung katengtreman kahirupan masyarakatna.

Carita-carita rayat atawa lisan nu hirup tur euyeub di sasabaraha daerah padesaan teh nyatana loba keneh nu can kaguar, malah  mungkin wae aya carita-carita nu ampir leungit alatan sababaraha alesan, tapi nuleuwih gede mah pangaruh budaya moderen. Ku kituna, upaya ngamumule  carita-carita rayat diperlukeun pisan keur  budaya bangsa. Salah sahijina dijieun materi ajar di sakola-sakola. Geus rea carita-carita rayat nu didokumentasikeun dina bentuk buku atawa bacaan, malah dijadikeun salah sahiji media pembelajaran. Kumaha nu can dibukukeun? Tangtu hal ieu merlukeun kretivitas guru keur ngarangsang imajinasi siswa oge ngumpulkeun carita-carita nu aya disabudeureun siswa leuwih alus upama neangan carita nu aya di wewengkon desa tempat cicing guru jeung siswa.

Sakumaha nu kacatet dina kurikulum 2004  jeung KTSP nu nyebutkeun yen bahan pangajaran kasusastraan (sastra lisan/klasik) kudu mere daya apresiatif jeung kreatif para siswa. Hartina, dina kagiatan apresiasi sastra kudu aya tarekah guru pikeun ngalatih nyeukeutan sasa, nalar, imajinasi, jeung kapekaan siswa kana pasualan-pasualan sosial masarakat, budaya jeung lingkungan hirup kumbuhna siswa. Ku kituna supaya leuwih paham jeung leuwih neuleuman   karya sastra, para siswa diharepkeun bisa maca atawa ngalaman langsung karya sastraKu kituna, guru ditungtut miboga kamampuh nepikeun jeung ngamekarkeun bahan ajar sastra nu geus aya jeung   ngaraketkeun  kana lingkungan siswa.

          Sababaraha hahalang guru dina ngajarkeun materi sastra boh  ditingkat SD, SMP, atawa SMA, di antarana katerbatasanana bahan ajar, kaparigelan ngajar nu dipiboga, atawa  ku sabab kurangna pangaweruh dina milih bahan bacaan atawa materi kesusastraan. Upama diregepkeun carita-carita rakyat/klasik atawa nu dipiwanoh ku masarakat  mangrupa dongeng-dongeng nu aya di daerah sabudeureunana bisa dijadikeun bahan ajar malah bakal leuwih unggul batan carita-carita nu  ti luar derah (luar Sunda) nu geus aya.

          Salah sahiji carita nu bisa dijadikeun bahan ajar keur wewengkon kabupaten Bandung nyaeta  carita ti Cihanyir diantarana  ”Asal-usul Cihanyir” , ”Sayang Asem”, carita ”Euis Kawung” jeung ”Sembah Dalem Pangudar”.

          Carita ti Cihanyir nu aya di wewengkon  desa Cihanyir Kacamatan Cikancung Kabupaten Bandung  nepi ka kiwari miboga daya tarik keur ditalungtik. Tradisi lisan atawa dongeng masarakat Cihanyir  memang can di talungtik leuwih jero  kacuali ”Sembah Dalem Pangudar” nu pernah sababarahakali di jieun panalungtikan nu keur nyarieun skripsi. Carita asal-usul, dedemit(aheng) atawa dongeng ti Cihanyir  mibanda carita sorangan.  Kandungan caritana aya kaitanana  jeung karagaman masyarakat Sunda dina ngalakonan hirup jeung nyebarna agama Islam di Cihanyir. Kukituna, perlu pisan keur guru-guru di wewengkon Cihanyir ngayakeun panalungtikan  kana carita-carita nu disebutkeun di luhur pikeun kamekaran basa Sunda di derahna jeung ngawanohkeun carita nu leuwih deukeut jeung kaayaan siswa. Salain kitu tangtu masyarakat Cihanyir tarutama siswa SD, SMP, jeung SMA moal  ”poekeun obor”  malah milu aub dina ngamumule basa jeung budaya Sunda.Carita-carita atawa dongeng-dongeng ti Cihanyir tangtu mangrupakeun kakayaan leanguge oral di Jawa Barat nu perlu dilestarikeun.

 Baheula samemeh pareum, carita lisan, carita rakyat,  wawacan, boh pantun  leuwih ditujukeun kana fungsi hiburan nu ngutamakeun carita kasakten ditambahan  unsur-unsur carita dumasar  dongeng-dongeng karajaan, jin-jin jeung para kasatria maksudna   keur  ngeusi waktu luang dina masa-masa susah jeung senang nupinuh kumangrupa-rupa ujian. Sanajan loba oge carita nu fungsina keur upacara-upacara kaagamaan. Ayeuna, carita lisan upama seug digarapna leuwih apik mungkin wae bisa makna carita atawa eusi carita bisa dijadikeun conto keur  siswa nu bakal nyinghareupan  masa dewasana.

Carita ti Cihanyir  lain ngansaukur mibanda daya tarik dina eusi carita atawa temana (unsur intrinsik) jeung unsur ekstrinsikna nu saluyu jeung materi ajar SD nepi ka SMA wungkul, tapi dumasar patali jeung pamaliharaan budaya daerah. Ku miara budaya daerah diharepkeun siswa SD tepi ka SMA salain wawuh kana budaya sorangan oge timbulna kasadaran historis di kalangan siswa nu kabenaran boga agenda masa depan.

Orientasi budaya gancang pisan ngarubah cara pandang masyarakat, nu serba instan jeung cepat saji, ngalemahkeun kasanggupan masyarakat kana  sagala nu  dianggap lambat, statis, kuno jeung klasik. Henteu bisa dipungkir, cara pandang ieu  gancang pisan mangaruhan rumaja atawa tepatna siswa – siswa . Hal ieu lain di kota-kota gede wungkul saperti Bandung jeung Jakarta tapi bisa jadi geus nepi ka daerah-daerah seperti Cihanyir. Ku kituna, leuwih gancang leuwih alus upama orientasi budaya  rumaja nu instan eta dibarengan ku usaha para guru ngamekarkeun jeung ngamumule basa jeung budaya Sunda ku jalaran ngaguar deui carita-carita nu aya di wewengkon Cihanyir. Nngamekarkeun budaya daerah nu dianggap statis jeung klasikteh moal lila deui bakal karasa manfaatna dina waktu moal lila. Cag!

                                                                        Cicalengka, 2010
                                                            Agus Sopandi, guru Basa Indonesia
                                                                        MA-MTs Al-Ikhlas Cicalengka
                                                                        Aktif di Bale Sastra Cicalengka

Tidak ada komentar:

Posting Komentar