Minggu, 19 Februari 2012

EUIS KAWUNG


EUIS KAWUNG

            Satorojolna ti sawah, Euis ngalempreh, ngabaheuhay ngareureuhkeun kacape. Samping nu dipake solendang ngarumpuyuk dina palupuh di gigireunana jiga nu ngilu cape. Si Utun inji motah dina jero beuteung, najongan baé da puguh ti isuk can meunang dahar. Indungna jongjon digawe ngoredan kebon batur nepi ka poho nginum poho dahar.

            Sora budak di enggon ngahudang lamunan Euis. Korejat Euis muru enggon, budak nu kahiji keur diuk dina samak di luhurna bantal kuleuheu pasolengkrah. Budak ku Euis dirawu dipangku, diciuman terus dibawa ka tengah imah. Didiukeun dina palupuh. Budak repeh ceurikna.

            ”Beu, ka mana ari bapak maneh, ujang?” gerentes Euis. Hate pinuh ku lamunan  salaki geus jarang balik. ”Geus emam, Ujang?” Euis nanya ka budak. Budak ngan saukur gogodeg. ”Kasebelan, na kamana mantogna salaki téh budak diantep barangkeakan,” ceuk Euis, tuluy ka dapur nyokot sangu nu ti isuk nagen dina kastrol luhureun hawu.

            Sabulan ti harita Euis ngajuru. Sanajan jarang balik, salakina datang ngalongok. Euis bungah kacida ningali salaki ngadadak sura-seuri. Beungutna marahmay, darehdeh jiga menunang kabungah atawa duit sagede panto. Di imah, salakina teu daek cicing. Dungdak-dengdek dina eunteung, buukna disisiran sababaraha kali, digolep make minyak jalantah. Sanggeus katingali rapih, jrut turun ti imah bari teu rurat reret komo bebeja ka pamajikan mah.

            Euis ngan bisa olohok ningali robahna kalakuan salaki. Lanceukna nu di Cikamunding loba ngupahan Euis, ”sing sabar, keun bae antep, salaki jiga nu owah.”

            Hiji waktu Euis datang ka lanceukna di Cikamunding. Bebeja, salakina rek kawin deui. Euis rek menta diserahkeun bari mihapekeun budak nu orok. Pajar teh rek beberes sakalian ngan kagok ku budak.

            ”Euis, teu hade menta diserahkeun ti heula. Sabar we ayeuna mah. Ceuk euceu ge keun antep salaki nu owah mah, karunya ka barudak,” ceuk lanceukna. Euis ngahuleng sajongjonan. Panonna cirambay rus-ras ka indung bapana nu geus euweuh di kieuna. Hatena ngolembar deui nu tadina geus paheut téh. Pikirna beuki baluwéng, teu puguh na kudu kumaha pilampaheun.

            Teu lila Euis amitan ka lanceukna. Cenah rek balik. Orok mah mihape heula. Malum hudang ngajuru awak masih keneh lalungse. Apan Cikamunding jeung Cihanyir teh sakitu jauhna keur awak awewe mah. Lain eweuh mobil jeung ojeg tapi tangtu wae ongkos teh beurat keur Euis mah nu kokoreh jadi bulu taneuh.  

            Euis leumpang mapay jalan gede nu tarahal jeung rarinjul. Di sisi-sisina kebon jeung tegalan eurih kaselang ku pilemburan. Imah cul-cel hiji dua matak keueung keur jalma baluweng mah. Hate Euis beuki ngareunteut, lungleng teu puguh tincakeun. Ras ka salaki nu teungteuingeun,  ras ka anakna nu laleutik keneh, ras kakolotna nu jiga ngagupayan.

            Palebah Cikancung ka sorenakeun. Tatangkalan beuki gesek. Tangkal kawung nu di tengah kebon bet ngagupay. Euis eureun. Sukuna nuturkeun panggupay. Dadana ratug tutunggulan. Ras ka orok jeung budakna nu dipihapekeun ka lanceukna.. Di masjid sora adan magrib ganghiap. Euis jongjon. Ceuli jeung hatena beuki poek.

            Saminggu ti harita, Euis kabejakeun leungit.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar