Minggu, 19 Februari 2012

Kiara Tuur jadi Caringin


Kiara Tuur jadi Caringin

Kacaritakeun, di hiji lembur anu aya di desa Cikancung. Aya hiji perkampungan anu katelahna kampung Sindangsari mun ayeuna mah kasebutna Kampung Sukahurip, anu leuwih kasohorna mah Pondok Pesantren Sukahurip. Ngemutkeun beja anu katampi ti para sepuh anu masih aya keneh di eta tempat teh kacaritakeun aya hiji tangkal kiara anu aya kawenehannana.

Dumeh eta tangkal kiara teh, aya sarupaning anu mangrupa tuur, anu aya dina dahanna eta tangkal. Ku kituna eta tangkal teh katelah Kiara Tuur. Salian ti eta, saurnamah eta kiara teh sok ngaluarkeun getih duka ti mana asalna mah. Tapi cenah, mun tangkal kiara eta ngaluarkeun geutih ngarupakeun totoroden, cenah mah nandakeun bakal aya kajadian. Ari umurna eta tangkal teh tos aya ti zaman baheula. Ngan eta tangkal kiara teh zaman kiwari mah geus henteu aya dikieuna, kulantaran geus kakolotan teuing ti mimiti kagaringan nepi ka runtuhna. Malah henteu aya tapak-tapakna acan.

Aya kawenenehananana, numutkeun carita ti sepuh mah basa tangkal kiara runtuh teh  aya hiji tangkal anu jadi dina urut tangkal kiara tea. Ari eta tangkal teh mangrupa tangkal caringin. Aya anu nyebutkeun yen eta tangkal caringin teh anak tangkal kiara. Tapi, anu puguh mah tangkal caringin bae.

Saleuwihing ti eta, tos kacaritakeun eta patempatan tangkal teh kacida gersangna bari geueuman. Malah nepi ka kiwari oge hawa geueuman teh masih karasa keneh. Ari anu jadi marga lantaran eta tempat teh kasebutna tempat panyicingannana makhluk-makhluk halus saperti jin. Malah cenah di eta tempat teh aya karaton bangsa jin.

Kabejakeun aya 3 urang santri anu mukim di eta pasantren. Hiji mangsa, maranehna dipiwarang ku guruna ngalereskeun cai anu aya di balong. Dina wanci tengah peuting. Ari eta santri anu tilu teh ngaran hiji-hijina nyaeta Mang Yaman, Mang Eeh, sareng Mang Eman. Dina waktu maranehna keur digarawe, Mang Eman ngareret kana tangkal caringin anu urut tangkal kiara tea. Manehna ningali aya anu hurung ngagebur caang. Teras ku manehna disamperkeun eta tangkal teh hayang ningali naon anu hurung ngagebur caang. Pas ditilik-tilik horeng anu hurung teh bijilna tina salah sahiji akar eta caringin.

Ngagerenteus dina hatena, manehna teh hayang ngapimilik kana eta akar kusabab ceuk anggapanna eta akar teh lain saakar-akarna. Terus ku manehna eta akar teh dipotong ku bedog. Ari pas geus dipotong jeung dicabut, eta akar teh jadi mangrupa keris. Kusabab pagaweaanana geus anggeus, ku Mang Eman eta keris tea dibawa ka kobong. Terus ngabejakeun kababaturannana yen manehna manggih eta keris tina akarna tangkal caringin

Basa Mang Eman nyarita ka babaturannana, ujug-ujug manehna kasurupan. Mang Eeh jeung Mang Yaman pada rewas, kitu deui kajadian eta teh ngaributkeun ka santri anu lain. Mang Eman  ngomong kaditu kadieu. Manehna ngomong supaya eta akar teh dibalikkeun deui ka asalna, ku sabab manehna mah lain milikna. Lamun henteu dibalikkeun manehna bakal cilaka.

Kusabab kasieunan, nya ku Mang Yaman jeung ku Mang Eeh teh dibalikeun ka asalna. Malah kumaranehna teh bari diterapkeun deui kana asalna akar anu dipotong tea ku Mang Eman. Saatos disimpeun deui keris eta dina tempatna, ujug-ujug jadi akar deui. Pas balik deui ka kobong, Mang Eman anu kasurupan tea teh langsung cageur deui.

Kacaritakeun beurangna, Mang Eeh teh panasaran ku kajadian peuting teh. Manehna indit deui  ka eta tangkal Caringin tea. Maksudna mah hayang nenjo deui akar tea, naha kumaha bentuk aslina lamun ti beurang. Ku Mang Eeh eta si tangkal di tilik-tilik eta akar teh.  Akar anu peuting ku manehna jeung Mang Yaman dipasangkeun deui teh teu aya ngaleungit. Sug, dugi ka ayeuna eta akar teh teu kungsi nembongan deui sareung teu aya kajadian-kajadian anu samodel kitu deui.

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar